DIALOG DRAMA
SIKABAYAN NGALA ROAY
Pembawa acara : Kacarioskeun di lembur singkur anu jauh ti kerlap kerlap-kerlipna lampu, gurang-gerungna sora kendaraan, nu aya seahna sora tonggeret, recetna sora manuk anu lulupatan diantara dahan, hiliwirna angin tiis amis bebas polusi, aya hiji kulawarga anu hirup sapopoena tina ladang tatanen. Eta kulawarga teh diantarana Abah, Ambu, Iteung jeung Kabayan. Dina acara kenaikan kelas ieu, pribados atas nami kelas V bade mintonkeun drama anu judulna…. Si Kabayan Ngala Roay.
Dina bagian kahiji kacarioskeun Abah sareng Ambu nuju pangunem catur, dina palupuh di jero imah.
Abah : “Ieu teh meni asa paralal kieu ari si Ambu kamana nya?. Ambu 3X, cik kadieu !”
(kurunyung Ambu nyampeurkeun Abah)
Ambu : “Aya naon Abah gera-gero gogorokan kitu jiga domba telat parab”.
Abah : “Lah si Ambu mah mah ari geus ngahina ka Si Abah teh, baheula mah keur ngora mah meni nyebut Yayang deui yayang deui.”
Ambu : “Nya baheula mah beda deui, ayeuna mah kulit abah meni parareot kitu dibandingkeun jeung kilit bedug ge alus keneh kulit bedug.”
Abah : “Ari si Iteung kamana?”
Ambu : “Aya keur meuleum sampe.”
Abah : “Beuleum sampeu mah kudu jeung cikopi, cik menta cikopi ka si Iteung!”
Ambu : “Iteung …. 3X “
Iteung : “Aya naon ambu ?”
Ambu : “Iteung pangyieunkeun cikopi jang si Abah!”
Abah : “Lamun aya mah disusuan!”
Ambu : “Disusuan-disusuan tuh ku susu domba di kandang”.
(teu kosi lila si Iteung ngangteurken cikopi jeung beuleum sampe haneut)
Abah : “Ambu, Iteung roay di kebon landeuh geus meujeuhna di ala, lumayan jang deungeun sangu sesana ke dijual. Jig si Kabayan titah kebon ngala roay”.
Iteung : “Lah Abah, Kang Kabayan mah lamun dititah teh tara bener, ngala roay mah ku abah we!”
Abah : “Piraku ku Abah deui, ku abah deui, cangkeng abah meni asa potong kamari pan tas nutuhan tangkal mahoni”.
Ambu : “Ari si Kabayanna dimana ketu ?”.
Iteung : “Ah kang Kabayan biasa wayah kieu ge masih keneh nganyam bulu panon”.
Abah : “Minantu teh ieumah ngan sare, barang dahar kitu jeung kitu we unggal poe ge”.
(terus Nyi Iteung nyampeurkeun ka Kabayan ka enggon tempat kabayan sare, di enggon sikabayan keur nyegrek kerek)
Kabayan : “ker…. ker……ker”. (sora kerek Si Kabayan)
Iteung : “Kang… Kang…. Kang …. Kang Kabayan. (bari ngagudag gideg suku Si Kabayan, tapi Sikabayan kalahka kerekna beki tarik)
Kabayan : “ker…. ker……ker”.
Iteung : “Ah si Akang mah digudang gideug teh kalahka asa dipepende, meni beuki tibra”
(terus Nyi Iteung leos kadapur nyokot cai kana geulas, eta cai dikepretkeun kana mastaka Si Kabayan. Si Kabayan ngorejat diantara sadar jeung teu sadar bari ngagorowok)
Kabayan : “Gempa, gempa, gempa, tsunami, tsunami, tsunami”
Iteung : “Gandeng akang, ari sare teh mani tibra-tibra teuing.”
Kabayan : “Ah nyai mah sok ngaganggu bae, Akang teh keur ngimpi mani endah kacida”.
Iteung : “Ngimpi naon ketu akang ?”.
Kababayan : “Ngimpi babareungan ngusep belut jeung Manohara”.
Iteung : “Jig teh teuing akang, kuring mah teu nineung ieuh”.
(terus si kabayaan ngolonyong ka dapur nyampeurken Abah sareng Ambu, terus nyandak cikopi nu Abah jugjug regot-regot cikopi diuyup ku Si Kabayan, atuh Abah ngambek)
Abah : “Ari maneh kabayan, minantu nurus tunjung, teu apal kasopanan”.
(kabayan teu eleh geleng)
Kabayan : “Wios abah kabayan nurus tunjung mah, da kabayan mah kasep, eta buktina Nyi Iteung meni akang deui akang deui. Cikopi teh 2, kangge abah hiji kangge abdi hiji”.
Ambu : “Geus gandeng kabayan, ulah loba carita. Kieu Kabayan, roay nu di kebon landeuh geus mejeuhna diala jig, ala ku anjeun”.
Kabayan : “Aduh abah, puguh kuring ge awak teh sabuku-sabuku nyareuri”.
Iteung : “Lah Akang kabayan mah loba teuing sare, jadi nyareuri awak”.
Kabayan : “Keun atuh kuring rek mangkat ayeuna, bekelna beuleum sampeu.”
Abah : “Ah maneh mah ribut we kana barang dahar mah, keun Abah ke nyusul ka kebon mantuan ngala roay”.
(sikabayan bari motongkeun beuleum sampeu terus ngoloyong rek ka kebon)
Pembawa acara : Kacarioskeun si Kabayan mangkat ka kebon maksudna bade ngala roay. Sapanjang jalan si Kabayan samutut nuang beuleum sampeu. Tos dugi ka kebon si kabayan calik ngahunjar lambar”.
Kabayan : “Aduh ieu teh meni asa cape leupang ti imah ka kebon teh. Cacakan mudun komo engke ari mulang nanjak. Ah mening sare we heula”.
(dasar ku keblukna kabina-kabina si kabayan tuluy golehe we sare. Sarena tibra pisan kerekna meni nyegrek patarik tari jeung sora tonggeret dana dahan tisuk. Bakating ku tibra sikabayan meni ngimpi jadi Raja. Kacarioskeun di istananSu hurung herang Raja Kabayan digeubeuran ku para dayang.)
Kabayan : “Eumh jadi teh aya kuenak, hareudang digeberan ku dayang-dayang gareulis, hoyong tuangan kantun nyarios ka dayang, hoyong ebog kantun nyarios ka dayang, sanes kitu dayang?”
Dayang : “Sumuhun kanjeng raja”.
Kabayan : “Yeuh penonton raja gaduh pantun : Mawa nangka dina tolombong, Tolombong nu Abah Mija, Rumaos kuring mah ompong, Ompong-ompong ge jadi raja”.
Dayang 1 : “Ah kanjeng raja mah mani sok geer, pribados ge gaduh pantun.”
“Lalayaran di sagara. Naek parahu mang rahmat. Raja teh pamimpin nagara. Raja adil rakyat ngahormat”.
Kabayan : “Ari raja mah, tuh tinggali acuk ge tina emas, mahkota tina emas, gelang tina emas, ah sagala teh emas.”
Dayang 2 : “Leres Kanjeng Raja sagala emas tapi kahade hilap kamewahan kanjeng raja jasana rakyat.”
Dayang 3 : “Para penontong Kanjeng raja kabayan janten raja teh, kumargi dina waktos alitna teu kendat-kendat diajar. Kieu ke pantuna : Ka Bojong terus ka Bunter, ka Cisaga terus ka Banjar, Lamun urang hayang pinter , kudu rajin dialajar.”
Dayang 4 : “Sumuhun leres dayang, urang kedah dialajar sing soson-soson, bisi engke hanjakal. Nagara jadi maju lamun dirojong siswa-siswana anu palalinter”.
(keur enak-enak jadi raja sikabayan lilir tina ngimpina)
Kabayan : “Aeh-aeh gening ieu teh ngimpi, meni asa nyaan jadi raja teh. Hah ieu teh meni cararape kieu kudu ngala roay. Aduh kumaha nya carana sangkan kuring ulah cape kudu ngala roayg”.
(si Kabayan lajag-lejeg bari ngatelkeun curukna kana sirah belah katuhu, teu kosi lila sikabayan menang inspirasi)
Kabayan : “betul 3X… dasar kabayan tea cerdas, pinter, IQ tinggi”.
(si Kabayan asup kana karung jang ngala roay. Teu kosi lila datang si Abah rek ngala roay)
Abah : “Ari si Kabayan mana nya, gening teu aya, piraku sare deui mah”
(Abah karalang kuriling neangan si Kabayan)
Abah : “Ari ieu geuning karung roay geu pinuh, ari si Kabayan kaman nya, geus mulang ketu?. Dasar si kabayan mah minantu keblug geus ngala roay mah mulang we ti heula. Aduh roay teh beurat kacida gening”.
(Abah terus mangku karung roay, padahal mah eusina si Kabayan. Nepi ka imah Abah haruhah-harehoh bakating ku berat mangku karung)
Abah : “Ambu Iteung yeuh abah papagkeung roay teh genig berat-beurat teuing.
(Roay ditunda kana dapur keun ku Abah)
Ambu : “Gening roay teh meni sakarug kieu?”
Iteung : “Nyaan Kang Kabayan teh Ambu ayeuna teh daekan gening ngala roay meni sa karung metung kieu?”
Ambu : “Sok atuh cuang buka eta karungna”
(Karung dibuka ku Si Ambu sareng Nyi Iteung, barang dibuka kagetna dina karung teh lain roay tapi Si Kabayan)
Ambu : “Abah….. 3x geuning ieu mah lain roay tapi minantu nurus tunjung.”
Iteung : “Dasar si Akang rasakeung siah “
(Ambu jeung Nyi Iteung ngagebugan Si Kabayan)
Kabayan : “Heup…3X, kupingkeung geura pang kuring asup kana karung teh. Kieu caratana tadi aya bagong lima, Kabayan teh sieun, terus asup kana karung. Keur cicing na karung na terus teh, aya nu mangku sugan teh ku Bagong nu lima teh.
Iteung : “Ah si Akang mah loba alesan rasakeung siah..“
(Ambu jeung Nyi Iteung ngagebugan Si Kabayan)
Kabayan : “Heup…3X, itu geuning aya patugas sensus kadieu?”
Ambu+Iteung : “Mana ?”
(Si Kabayan kaluar tina karung terus lumpat)
Kabayan : “Dadah… Ambu, Iteung”
(Si kabayan lumpat duka kamana.)
Pembawa Acara : Para ibu bapak hormaten pribados dongeng Si Kabayan Ngala Nangka babak ka I parantos rengse, engke insyaalah Babak Ka II dina mentas samen tahun payun bade dilajeungkeun deui. Sakitu nu kapihatur drama Si Kabayan ti Kelas V A, bilih jalan caritana, tingkah paripolah, tur bahasana nu kirang ti utami ulah kirang hapuntena Wass. Wr. Wb.