Selasa, 26 Januari 2021

B.Sunda : Sehat Itu Penting

Materi dan Tugas Bahasa Sunda 

Baca Paguneman di handap!

Rudi    : “Ton, kunaon gening teu ngangge masker?”

Toni     : “Lah naon masker, hese ngarenghap nu aya mah”

Seni     : “Ah, Toni mah, sok ngalalaworakeun anjuran pamerantah.”

Rudi    : “Leres, saur Seni, Ton. Urang kudu nurut anjuran  pamarentah jang nyegah nularna panyakit Covid 19.”

Toni     : “Lah urang mah da budak keneh, olah raga osok, neda anu bergizi.”

Rudi    : “Yeuh Ton, ulah kena-kena urang fit, ari imun urang keur lemah mah bisa keuna katularan.”

Seni     : “Leres Rud, ngangge masker teh upaya nyegah panularan, upama urang ngangge  masker eta virus anu ukuran 400 mikrometer rada kasaring”.

Toni     : “Tuh kan rada kasaring, berarti bisa asup make masker ge?”

Rudi    : “Bisa asup make masker, komo mun teu make masker. Tapi lamun urang make masker ngaminimalisir asupna eta virus.”

Seni     : “Kieu we atuh Ton, urang kan sok menbal. Musuh sok ngaasupkeun kana gawang urang. Tapi ku ayana kiper ngajaga bal sangkan teu gampang asuk kana gawang. Mun aya kiper tangtu ngaminimalisir sangkan ulah asup langsung kana gawang. Tapi lain berarti ayana kiper bakal moal asup eta bal.”

Rudi    : “Pan, ceuk pamarentah ge, salian ti pake masker urang kudu jaga jarak sosial, nyaeta ngahindar ngumpul-ngumpul ngariung.”

Toni     : “Leres atuh ari kitu mah Sen, Rud, ti wangkid ayeuna abdi bade ngangge masker upama kaluar ti rorompok”.

Seni     : “Hiji deui Ton, urang kudu sering ngumbah panangan nangge sabun, lamun tas ti luar ti imah.”

Rudi    : “Leres Sen disebut 3M tea Sen.”


Tugas Hari Rabu, Tanggal 27 Januari 2021 Muatan Pelajaran B.Sunda

Jawab pertanyaan di handap ieu!

1.      Bere  judul paguneman (percakapan Bhs Indonesia) di luhur anu cocok jeung eusina!

2.      Tuliskeun 3 tokoh dina eta paguneman!

3.      Tokoh saha anu teu nurut make masker?

4.      Kunaon alesan Toni pang teu make masker?

5.      Naon gunana make masker?

6.      Sabaraha ukuran virus Covid 19?

7.      Naon anu dimaksud jaga jarak sosial  ?

8.      Ngumbah panangan kudu make naon sangkan beresih?

9.      Tulis naon wae program pamarentah 3 M!

10.  Tulis eta paguneman  di luhur sing persis, titik, koma, tanda  petik dua, titik dua jeung sajabana!


Tugas Hari Kamis, Tanggal 28 Januari 2021 Muatan Pelajaran B.Sunda

Titenan kata anu aya warna hejo  terus : Tuls hartina jeung jieun kalimah tapi ulah sarua jeung paguneman di luhur kalimahna!

Conto :
1.Masker = alat panutup baham sareng pangambung sangkan bibit panyakit teu kaisep ku urang.
   Urang kudu make masker dina kaayaan pandemi Covid 19.

Tugas Hari Jumat, Tanggal 29 Januari 2021 Muatan Pelajaran B.Sunda

1.Hidep maca panguneman tina buku catentan hidep bari di vidoe. Videona japrikeun ka Bapak.
2.Waktu maca perhatikeun intonasi (tanda baca : koma, titik), jeda (ulah ngabuluyur) jeung ngalafalkeun na kudu bener.

Materi dan Tugas Hari Sabtu, 12-02-2021 Muat.Pel. B.Sunda

Materi : Paguneman


Di luhur contoh paguneman anu tos tiron ku hidep. Dina nulis paguneman aya sabaraha hal anu kudu diperhatikeun diatarana :

1.Nulis paguneman dimimitian ku tokoh (tokoh bisa jalma, sato) anu ngomong
2.Antara tokoh jeung nu diomongkeun make tanda baca titik dua  anu simbolna :
3.Omongan anu diomongkeun/dipagunemkeun make tanda petik dua  anu simbolna di awal omongan jeung diakhir omongan.
4.Ahir kalimah/omongan/paguneman bisa make tanda tanya (lamun kalimah tanya), tanda seru (lamun kalimah parentah)
5. Sangkan paguneman katempona alus tanda titik dua sing sajajar di tiap-tiap paguneman.
 
Tugas.
1.Hidep nyieun paguneman kudu sesuai jeung 5 katangtuan di luhur!
2.Ngaran tokoh paguneman bebas.
3.Tema paguneman kasehatan.
4.Paguneman minimal 10 haris, tiap kalimah dina paguneman minimal 4 kata.


Tugas dan Materi Muatan Pelajaran B.Sunda Hari Senen, Tanggal 01-03-2021
Materi : Sehat Itu Penting

 Ngaran-Ngaran Panyakit

1.      Batuk

2.      Borok

3.      Cacar

4.      Cacingeun

5.      Cenang

6.      Gondokeun

7.      Hihileudeun

8.      Jengkoleun

9.      Leuncangen

10.  Mengi

11.  Rieut

12.  Rorombeheun

13.  Sakalor

14.  Salatri

15.  Kalikiben

16.  Salesma

17.  Sariawan

18.  Turuwisen

19.  Uuseupeun

20.  Jeungjeuriheun

Tugas

  1. Terangkeun eta 20  ngaran panyakit !
  2. Pilih 10 ngaran panyakit tadi, terus jieun kalimahna!

 Conto :

1. Batuk = panyakit dina saluran pernapasan / panyakit getek tikoro nu ngakibatkeun hayang ngaluarkeun dahak.

     Lamun batuk kudu ditutupan, bisi nepakeun panyakit ka batur.

 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar