Senin, 31 Mei 2021

Bahasa Sunda : Sajak

 

Tugas dan Materi Hari Senin dan Rabu Tanggal 31 Mei dan  2 Juni 2021 M.P B.Sunda

Materi : Sajak

 

Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran (puisi) anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokan-patokan. Disebut karangan ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal nu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa na pilihan kecap jeung wirahma. Selain eta, sok disebut oge sajak bebas. Bebas di dinya, tangtuna oge relative. Upama dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.

Padalisan the sarua jeung baris, pada sarua jeung bait, enganng sarua jeung psuku kata. Sajak di handap aya 3 pada. Tiap pada aya 4 padalisan. Padalisan kahiji dina pada 1 aya, 5 engang nyaeta ku-ring-nyu-ku-ran. Pada kadua aya 11 engang nyaeta : A-lloh-ngi-ji-nan-ku-ring-keur-di-a-jar.

 

Tinan sajak di hadap ieu!

“Sakola Anu Éndah” (Oleh Kustian)

 

Kuring nyukuran..
Alloh ngijinan kuring keur diajar
Di sakola anu éndah permai
Dina suasana tatangkalan anu ngajéjér rapih dipayun sakolaan

 

Wilujeung hatur nuhun gusti..
Ka kolot anu mikadeudeuh kuring
Nepi ka kuring bisa nyiar élmu
Di sakola tempat élmu pengaweruh ngabentang

 

Di sakolaan ieu..
Damai tur répéhrapih kuring rasakeun
Tengtrem ngahanyutkeun rasa
Dina kadamaian anu ngarasuk kana jiwa

Tugas :

1.      Naon nu disebut sajak?

2.      Naon anu dimaksud sajak ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna?

3.      Naon anu disebut diksi?

4.      Dina sajak aya nu disebut pada. Naon pada teh?

5.      Dina sajak aya nu disebut padalisan. Naon padalisan teh?

6.      Dina sajak aya nu disebut engang. Naon engang teh?

7.      Sajak diluhur sabaraha pada?

8.      Sabarahan jumlah padalisan pada 1, pada 2, pada 3?

9.      Tulis jumlah engang dina pada 3 padalisan 1,2,3 jeung 4!

10.  Jieun karangan sajak : 2 pada, pada 1 jumlah padalisan 3, pada 2 jumlah padalisanna 4! Tema sajak bebas.

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar